Kumpulan Sisindiran Urang Sunda

Kumpulan Sisindiran Urang Sunda Yu urang ngamumule budaya Sunda dina Sisindiran.

17/03/2026

Ngadon saee di kang asep
Tirakat nyandak berkahna,,
Romadon tos bade seep
Tong hilap zakat fitrahna..

24/10/2025
03/06/2025

*Ngangon meri diwahangan
Tengah peting tas nyisiran,,
*Atos lami teu nepangan
Tara mosting sisindiran..

*Ti aparigi ka cimerang
Mawa baki isi semur,,
*Mugi wargi dararamang
Ageung rizki panjang umur..

19/05/2025

Assalaamu alaikum…
Jamura nu geus melenting,
wang tilasan saban ranting.
Hampura can bisa mosting,
pan seueur urusan penting.



πŸ™

23/09/2023

*kapasar mawa kabaya
Sisi lamping aya meja,,
*kumaha kabar baraya
Sepi jempling taya beja..

taqabballahu Minnaa Waminkum Taqabbal Yaa Karim πŸ™πŸ™ŒπŸ™Œ
13/03/2023

taqabballahu Minnaa Waminkum Taqabbal Yaa Karim πŸ™πŸ™ŒπŸ™Œ

01/05/2022

*Ngahariring sisi sawah
Katembong sorana peura,,
*Mun simkuring seueur salah
Hoyong neda di hampura..

*Kajen leueur karaosna
Tapi beda ka kalerna,,
*Mun Anjen seueur artosna
Abdi neda te ha er na..

Wilujeng tepang boboran syiam 1443 H
Taqoballahu minnawaminkum
Minal aizin walfaizin..
Ti sadayana member Kumpulan Sisindiran Urang Sunda

28/03/2022

*Ka cimacan ngais sarung
Balikna mawa saninten,,
*Sateuacan sasih saum
Abdi neda dihapunten..

*Tikukur macokan lumut
Marab anakna ku empal,
*Ti luhur sausap rambut
Kahandap sausap dampal...

πŸ™ Ayi

09/03/2022

*Balik ngajul kembang tanjung
Bari ngala naga sari,,
*Ngimpi tepung jeung si jangkung
tara
-tara ti sasari..

*Lauk cucut lauk emas
disair ku lambit jaring,,
*Matak lucu matak waas
*Matak nyuat ati kuring..

03/01/2022

*Karungkup ku daun seureuh
Kembang pare mani baseuh,,
*Najan hirup ukur meujeuh
MangkadΓ© Iman sing pageuh..

*Ka kulah neangan careuh
Kaluhur ningal nu nabeuh,,
*Ulah ngewa ulah geuleuh
Kabatur sing mikadeudeuh..

*Ngala tutut keur di sayur
Kalah dahar sareng bubur,,
*Ngarah hirup hente kufur
Moal sompral jeung takabur..

dulur...
pribados seueur kalepatan..

03/01/2022

*Leumeung teundeut cocongoan
jalanna ka rajagaluh,,
*meungpeung deukeut sosonoan
jaga mah urang pajauh..

Kumaha daramang atuh?

Address

Kadudampit
Sukabumi

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Kumpulan Sisindiran Urang Sunda posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share