08/07/2017
Baheula waktu keur ngora ari anu disebut Rijki teh pasti Duit, loba job, gawe lancar, loba tabungan, lega sawah, boga aset dimana-mana, intina mah Rijki teh Harta
Tapi sanggeus tetelepek naon ari makna rijki nurutkeun Islam (saluyu anu nembrak dina Al-Qur'an jeung hadits)
Nyatana salah gede
Gening ari anu disebut rijki teh diantarana :
- Suku anu babari dilengkahkeun ka majlis elmu, eta rijki
- Lengkah suku anu dibabarikeun pikeun sholat berjamaah di masjid, eta rijki
- Hate anu terus kajaga tina iri, dengki, jeung kangewa, eta rijki - - Saat dina kaayaan sulit anu serba terbatas, eta rijki
- Boga kolot anu geringan eta rijki, sabab mangrupakeun ladang pikeun mukakeun panto surga
- Awak anu sehat eta rijki, samalah aktu keur di uji ku gering oge sarua eta rijki, sabab gering teh kifarat kana dosa
- jeung jutaan rupa laina, bentuk rijki anu ku urang teu disadari anu nilaina jauh leuwih gede tinimbang duit atawa harta dunya
Justru anu kudu diwaspadakeun diwaktu hirup urang cukup sagala gampang jeung dina kaayaaan bagja tapi loba hak Allah anu henteu dilaksanakeun, eta anu disebt "Istiraj"
Wilujeng enjing wargi-wargi,
Wilujeng milari Rijki dina persi anu lain