04/05/2016
Antologi Sajak
PENYISIHAN
SORA TI JOMANTARA
Karya KIS WS
bumi inggeung
seuneu hurung cai caah
médan perang angkeub ku hujan jamparing
di manggung apsara patinghaleuang:
bagja maranéh anaking
hirup senang di jagat nu ayem tengtrem!
babatang pasoléngkrah
getih hirup ngabayabah
nu taratu sasambat patingkocéak
ngong sora déwa-déwa ti jomantara:
sukur bagja umat manusa di dunya
waraluya henteu cécél henteu bocél!
rét ka manggung nebus hijab indung peuting
tinggalebray mabra éndahna sawarga
para apsara jongjon aroléng pangantén
budak yatim di bumi sedih ngageuri:
bagja arandika para déwa
salam ti jagat ka urang kahiangan
nu teu kendat haat mikahéman
Dicutat tina antologi Sajak Sunda
MULANG KA PASANTRÉN
Karya Sarabunis Mubarok
aya nu kerep ngabetrikan
ka jeroeun embun-embunan
sora wirid nu aleut-aleutan
lir munding mulang ka pakandangan
kuring nikreuh ninggalkeun dayeuh
muru kobong panyalindungan
rébo ku buku anu taratu
na buntelan sirah nu haliwu
lebah munara
welasan kapinis méré tangara
yén saban s**i tasbé
nu kungsi dipelak na haté
kiwari patingketeyep
ka saban sajak nu minculak
Gigireun walungan
hiji madrasah nu basajan
kitab-kitab sarirungan
sedeng kuring ngabebengkang
ngakurkeun iman nu sisirangan
Anjog ka lawang masigit
amparan sajadah ngalaleungit
kuring uluk salam
ku sajak-sajak nu ngajam
ka nu ngariung di paimbaran
nu pahayang-hayang jadi imam
Dicutat tina antologi sajak Katumbiri
SEUNEU BANDUNG
Karya Karna Yudibrata
Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung
Geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung
Najan laut Kidul
Ngolétrak dipaké nyiram?
Seuneu Bandung
Dayang Sumbi gupay pucukna
Tangkuban Parahu jadi suluhna;
Sut urang sundut
Nyeungeut obor kamerdékaan
Bray caang lampu néon jutaan watt.
Langit ngempray; langit harepan
Seuneu teuneung geni kawani
Ngaléntab sagara keusik
Ngahuru, ngabela-bela
Ngaduruk leuweung-ganggong langit-ganggong
Asia-Afrika bébas merdéka!
Seuneu nyebrot ti dapur Cikapundung
Geni sakti, cahya ilahi
Hamo bisa dipareuman
Panorama, 19 April 1965
Dicutat tina antologi sajak Surat keur Bandung
Janté Arkidam
karya Ajip Rosidi
Panonna beureum s**i saga
Leungeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Janté Arkidam
Di pangaduan di kalangan ronggeng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Janté Arkidam
Ti peuting angkeb ku mendung
Janté raja alam petang
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sasoroting sinar
Jaruji beusi pakgade milang ku ramona
Ngagisik hayang sidik
Janté mencrong mantri pulisi:
“Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang
ngabokong jalma keur tibra!”
Arkidam ditalikung leungeun dua
Sorot matana ngentab seuneuan
Saméméh beak poé kahiji
Jante minggat nitih cahya
Kaluar ti panjara
Saméméh cuntuk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan
FINAL
SURAT KEUR BASISIR CIPATUJAH
Dititipkeun Ka Yuyun P
Karya Usep Romli H.M
Dina pilar lulurung lembur
kukupu patingkeleper
mawa iber ti jauhna:
Yén kastuba pucukna mimiti nyengka
mulas kuta jalan désa
sarta angin geus musimna gingsir
nyirep ombak nu jumegur
sangkan atra kolontrangna pancurendang
ti émpang jeung ti kotakan
Tuluy pamayang ancrub ka laut
pasang jaring nilar basisir
parahu ngangkleung nuturkeun wirahma lambak
bulan imut sapeuting jeput:
- Tong ringrang ku kahoncéwang
éta mah hancengan beurang
da mungguhing kahirupan
pinuh gupay jeung panangtang
Garut, 31 Méi 1977
Dicutat tina antologi Sajak Sunda
MAD HALIL
Yus Rusyana
Saha
nu wani ngalalakian Mad Halil
Bedul jadug nu geus garung
Ku bedog geus atah adol
Saha nu kakunang-kunang cara Mad Halil
Nu geus mopok tuan kontrak
Dicangkalak kalah galak
Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir bulé!
Mad Halil bakéro
Ku Jepang diuber-uber teu beunang
Wah pék baé bénjol
Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir katé!
Jaman révolusi Mad Halil asup pasukan
Der barudak, déwék gé siap jero barisan
Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Ali jendil nyekel bedil
Sabiluloh dak!
Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Gempur dak, gempur!
Tah caduk aing hakaneun sia anjing nika!
Patroli mana nu teu sowak ngadéngé ngaran Mad Halil
Mad Halil godperdom!
Ku pélor gé henteu kojor!
Hayoh dak
Engké ku déwék dipangmetingkeun widadari nu jekékan
Da déwék mah geus ompong geus teu teurak nyetrok térong
Mad Halil jenatna Mad Halil
Beunang ku patroli di Cibarégbég
Awakna dipancir ku tangkal sélong
Ditémbak lebah elak-elakanana
Jedar!
Euak, cuah!
Haramjadah!
*Pameungpeuk, 2 Agustus 1963