Yayasan Limbangan Wangi

Yayasan Limbangan Wangi Pusat kajian budaya dan tradisi masyarakat Limbangan untuk mewujudkan sunda sawawa dalam menghadapi p

Kunjungan bpk bupati Garut dalam rangka anjang sono ka lembur sekaligus inpeksi kesiapan panitia kemah budaya tanggal 19...
15/08/2019

Kunjungan bpk bupati Garut dalam rangka anjang sono ka lembur sekaligus inpeksi kesiapan panitia kemah budaya tanggal 19 september 2019 lokasi kaki gunung sanghiyang kp cilenca ds ciwangi bl limbangan Garut

Paket hemat nu matak nikmatNgabako seserebunganBari ngopi reregotanWaktuna anjeun nyobaanUlah ukur d bayang bayangDa ieu...
30/07/2019

Paket hemat nu matak nikmat
Ngabako seserebungan
Bari ngopi reregotan
Waktuna anjeun nyobaan
Ulah ukur d bayang bayang
Da ieu mah lain barang nu ghaib
Tapi nyata jentulna
Kop gera pesen paloba loba sangkan tereh majuna patani nu dilembur

Paket hemat(kopi ,bako, gula kawung)
Rp. 50.000
Info 081321094157

Paket hemat mantap sareng nikmatKreasi orang kampung moal rek pundungDatang nyorang zaman nu disebut milenialYakin nikma...
25/02/2019

Paket hemat mantap sareng nikmat

Kreasi orang kampung moal rek pundung
Datang nyorang zaman nu disebut milenial
Yakin nikmat teh lain ku mewah barangna
Bagja lain ku loba sagalana
Tapi kumernahna rasa
Sugemana nu di ancikan rasa

Mangga nyanggakeun tah kagegelana
Bako nu anyep na tikoro
Tumaninah ngelepus sabari reureuh
Di banyur ku kopi tubruk si PAWON tea
Insyaallah mernah tumaninah

Diracik ku kamurnian pikir urang lembur
Ngolah tatanen hasil tani
Moal neko neko nyampur ku bahan kimia jeung sajabana nu ngabahayakeun kasehatan
Estu murni ngadeg kurasa sorangan
Bako nikmat ku bako nu d rahmatkeun ti Gustina
Kopi raos ku kopi anu di anugrahkeun ti Gustina

Mangga di cobi
Di isep di icip icip
Najan datang ti kampung moal matak kampungan
Sabab nu datang ti kota justru resep ka kampung
Sor ulah waka jejerih ku harga
Sok komo moporekeun ku rasa
Mun teu resep nya nawaetu we keur ngamajukeun kreasi urang lembur
Supaya jati teu kasilih ku junti

Sapaket bako sareng kopi
Rp.50.000
Kanggo pemesanan mangga chat
Kontak tlp/WA 081321094157

Kanggo ngagelarkeun para nonoman ti kampung nu tamuh laku teu puguh tur ngokolakeun hasil tatanen janten barang siap kon...
12/02/2019

Kanggo ngagelarkeun para nonoman ti kampung nu tamuh laku teu puguh tur ngokolakeun hasil tatanen janten barang siap konsumsi, mangga disuhunkeun pangrojongna bade ngadukung, ngadoakeun,masarkeun atanapi bade ngagaleuh mangga. Pangaos bersahabat bikin paraosan nikmat kopi tubruk spesial racikan jossssss......
Rahayu

GAMELAN SUNDA Jika gamelan Jawa memiliki nada yang merdu dengan tempo yang lebih lambat dan gamelan Bali cenderung ranca...
03/07/2018

GAMELAN SUNDA

Jika gamelan Jawa memiliki nada yang merdu dengan tempo yang lebih lambat dan gamelan Bali cenderung rancak maka berbeda dengan gamelan Sunda. Suara yang lebih mendayu-dayu dengan suara suling dan rebab terdengar lebih mendominasi dari gamelan ini.

Dalam naskah Sang Hyang Siksa Kanda Ng Karesian, kesenian gamelan diperkirakan masuk pada abad XVI. Dalam naskah ini dijelaskan saat itu ada pemain gamelan yang disebut kumbang gending dan ahli karawitan yang disebut Paraguna.

Pada awalnya, gamelan Sunda hanya terdiri atas bonang, saron panjang, jenglong, dan gong. Kemudian seiring perkembangan waktu, terjadi penambahan-penambahan waditra sesuai dengan kebutuhan musikal, misalnya penambahan kendang, suling, dan rebab.

Di Tanah Sunda sendiri terdapat tiga jenis gamelan antara lain, gamelan renteng, gamelan salendro atau pelog, dan gamelan ketuk tilu. Gamelan salendro biasanya digunakan untuk mengiringi pertunjukan wayang, tari-tarian, serta kliningan. Karena seringnya digunakan dalam kesenian, gamelan salendro juga menjadi gamelan yang poluler diantara jenis gamelan yang lain.

Kedua adalah gamelan renteng. Gamelan ini berkembang di beberapa tempat, salah satunya di Batu Karut, Cikalong. Melihat bentuk dan interval gamelan renteng, ada pendapat bahwa kemungkinan besar gamelan sunda yang sekarang berkembang bermula dari gamelan renteng.

Terakhir adalah gamelan ketuk tilu. Gamelan ini biasanya dipakai untuk mengiringi kesenian ketuk tilu, ronggeng gunung, ronggeng ketuk, doger, dan topeng banjet.

Gamelan sendiri di Tanah Sunda memiliki cerita sejarah yang panjang. Dahulu, Bupati Cianjur, RT Wiranatakusumah yang menjabat dari tahun 1912-1920 sempat melarang permainan gamelan yang disertai dengan nyanyian. Pelarangan ini kerena menurutnya membuat suasana menjadi kurang khidmat.

Barulah setelah diangkat menjadi bupati Bandung di tahun 1920, beliau membawa seluruh gamelan berikut para pemainnya dari pendopo Cianjur menuju pendopo Bandung.

Gamelan bernama Pamagersari ini kemudian pada satu kesempatan memukau saudagar Pasar Baru Bandung keturunan Palembang, bernama Anang Thayib. Ia lalu tertarik menggunakannya dalam acara hajatan dan memohon ijin pada Bupati sekaligus sahabatnya itu. Sejak saat itulah gamelan digunakan untuk perhelatan umum. [Tauhid/IndonesiaKaya]

Ini kelor kuMana kelor muSaatnya kita membudayakan kembali pekarangan kita menjadi kebun tanaman obat dan sayuran untuk ...
02/07/2018

Ini kelor ku
Mana kelor mu
Saatnya kita membudayakan kembali pekarangan kita menjadi kebun tanaman obat dan sayuran untuk kita konsumsi sehari hari
Sekecil apapun teras rumah kita tanamlah minimal satu pot tumbuhan agar selalu tercipta kesejukan di rumah kita

Sistem sumberKegiatan YLW di bulan Syawal, kembali mengetuk hati para hamba - hamba Allah sebab ada masyarakat dilingkun...
25/06/2018

Sistem sumber

Kegiatan YLW di bulan Syawal, kembali mengetuk hati para hamba - hamba Allah sebab ada masyarakat dilingkungan kabuyutan Gunung Sanghiyang
Tepatnya di kp sukasirna Ds Ciwangi BL Limbangan Garut. Saudara Gilang Ramadhan yg mengalami kecelakaan luka bakar akibat terperosok ke wajan penggorengan yang berisi minyak mendidih.
Alhamdulillah melalui pola sistem sumber yang kami lakukan dapat menginformasikan kepada lembaga lembaga yang perduli dan hamba- hamba Allah yang senantiasa menafkahkan sebagian rizki nya untuk kemanusiaan, hingga korban kini bisa dirawat di rumah sakit sebagai mana mestinya.
Penghargaan dan ucapan setinggi tinggi nya kami sampaikan kepada BAZZNAS Kab.Garut Bancer Jawa Barat dan semua pihak yang telah membantu baik do'a maupun materil meringankan pendertaan korban.

RAMADHAN MUBAROKKegiatan YLW dipenghujung bulan ramadhan buka bersama dan  menyalurkan kepedulian para Hamba- hamba Alla...
25/06/2018

RAMADHAN MUBAROK

Kegiatan YLW dipenghujung bulan ramadhan buka bersama dan menyalurkan kepedulian para Hamba- hamba Allah berupa amanah pakaian, zakat, inpak dan sodaqoh, alhamdulillah telah disampaikan kepada yang berhak masyarakat di lingkungan kabuyutan Gunung Sanghiyang Balubur Limbangan Garut.
Zazakalahu khoeron kashiro
Terimakasih yg sebesar - besarnya kami sampaikan kepada semua pihak yang telah ikhlas berbagai untuk sesama.

16/06/2018

NYUNGSI CARITA SANGKURIANG

Engkus Ruswana

Galur carita Sangkuriang nu runtut kalayan cocog jeung kaayaan alam Pasundan, hususna wewengkon ”Danau Purba Bandung” karasa nyata tur hirup oge sakral. Hal ieu ngabuktikeun kalinuhungan luluhur sunda nu nyusun carita.

Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun. Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong hartina toropong nyaeta alat pikeun nempo sangkan leuwih talilti, eces tur museur. Tumang teh mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna koneng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun Koneng ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa. ”Tumang” tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu oge ngandung maksud hawa napsu, sedengkeun ”dayang” nyaeta sebutan keur awewe, harti lianna asal tina kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut atawa halus.

Dayang bisa oge dihartikeun asal tina kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci = dewa). Sumbi nyaeta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya nimang), sedengkeun upama dipenggel ngandung harti wujud diri (sum = sumsum = acining; bi = awewe = ibu pertiwi = bumi).

Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan, kudu lantip dina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yen wujud diri teh hakekatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi/bumi nu kaancikan ku napsu (Dayang Sumbi kawin ka si Tumang).

Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, oge bisa luyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep geulis awet jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yen ti jaman ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa teh tetep geulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus pareot, ilaharna teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna. Dina palsapah/kapercayaan Sunda netelakeun yen Sang Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, oge lain
sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan.

Ingsun (kuring)mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuringna.

Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran kitu hawa napsu salawasna marengan Sangkuriang (Tumang sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab eta waktu si Tumang di paehan Dayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa napsu dipaehan tangtu kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawe, napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaehan, tinangtu kahirupan di dunya bakal punah), matak dina elmu Sunda mah teu aya ajaran pikeun maehan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya.

Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan elmu hasil ngasah jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawe nu rancage, nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak.

Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yen kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu hakekatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di talaga).

Dina ngalaksanakeun gawena, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh (= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa, nyaeta : pangawasa/gerak-langkah, pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas, pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain beja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna.

Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina. Boeh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku elmu/katerang/kanyaho nu ditembrakkeun/dikibarkeun atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawe akal pikiran).

Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawe rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Elmu spiritual Sunda ngajentrekeun yen aya tilu unsur dina diri manusa nu bisa ngawasa kana pamarentahan diri, nyaeta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung kakuatan jati ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda). Lamun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan lantaran boeh dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu bisa dipake ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran di talaga) nu didumasaran ku ajen luhung kamanusaan jeung kasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagede gunung ibarat tunggul (Bukittunggul), hate nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajen (Burangrang). Tapi sok sanajan batal kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, Ingsun (kuring) teu weleh ngudag-ngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi)

Intisari papatah nu dibewarakeun:
Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.

Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaeta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.

Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa diri sangkan luhung ku elmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeung langkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung).

Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaeta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh).

Kade masing taliti, yen dina diri manusa teh aya tilu kakuatan nu bisa marentah diri, nyaeta akal-pikiran, rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup euweuh hartina, tungtungna hate ngarangrangan nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahade upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.

Kitu intisari harti nu kasungsi tina legenda Sangkuriang, ku kituna pamuga pedaran ieu tiasa nambah kareueus parawargi urang Sunda, yen bukti geuning kalinuhungan luluhur urang Sunda teh. Nu leuwih penting deui sanggeus harti, hayu atuh urang nyungsi ka diri sorangan, naha tekad, ucap jeung lampah urang
geus tepi kana ”kawinna Sangkuriang ka Dayang Sumbi”?.
Sumangga atuh.

Rahayu

Nyoreang alam katukangNyawang ngeprosna rangginangNgaruy liketna kolontongDitempas ku opak nu mawa waasKatuangan para me...
14/06/2018

Nyoreang alam katukang
Nyawang ngeprosna rangginang
Ngaruy liketna kolontong
Ditempas ku opak nu mawa waas
Katuangan para menak dalem kapungkur
Hasil polah para dayang
Nu jadi kabinangkitan rakyat
Ditatar pasundan.

Mitembeyan ngaguar deui Katuangan kapungkur cemilan para karuhun nu digelarkeun ku kaarifan lokal masarakat d sabudeureun kawasan kabuyutan Gunung Sanghiyang Balubur Limbangan

SANGHIYANG
Klontong-opak-rengginang dll
Info&pemesanan : 081321094157

Cita rasa yang ribuan tahun hilang Tenggelam dalam silih bergantinya peradaban Menjadi sesuatu yang paling dicariDi era ...
13/06/2018

Cita rasa yang ribuan tahun hilang
Tenggelam dalam silih bergantinya peradaban
Menjadi sesuatu yang paling dicari
Di era semakin panasnya teknologi digital yang mencongkakan budi pekerti manusia
Hanya manusia sejati
Yang mencari rasa sejati
Penikmat kesejatian
Dari kepekatan kopi alam
Yang di olah secara tradisional
Maka kesejatian itu tersaji dalam racikan spesial
"KOPI BUHUN SANGHIYANG "

Persembahan sensasional
Dari Yayasan Limbangan Wangi
Melalui divisi bina usaha masyarakat dan divisi seni dan kebudayaan, sebagai dedikasi permberdayaan sumber daya alam dan sumber daya manusia di sektor ekonomi masyarakat yang berbasis budaya dan situs peradaban setempat yang secara gelobal terhimpun dalam situs kabuyutan Gunung Sanghiyang Balubur Limbangan

Info&pemesanan :081321094157

Selamat menunaikan ibadah puasa hingga mencapai tingkat yang hakiki
25/05/2018

Selamat menunaikan ibadah puasa hingga mencapai tingkat yang hakiki

Address

Bl Limbangan
Garut Satu
44186

Telephone

6285320348000

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Yayasan Limbangan Wangi posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share