07/12/2013
Kelenci Jeung Domba Adu
Ku Aki Jati
Jaman baheula, di hiji leuweung aya kelenci keur nyatu bangun anu ponyo naker. Keur kitu, torojol domba Adu datang. Nénjo aya kelenci keur nyatuan, pok domba adu téh nyarita.
“Kelenci, manéh mah ari nyatu rampus, ari awak leutik baé. Asa cumah nyatu unggal poé gé, ukur méakkeun jukut baé!’’ cenah.
‘’Naha kudu kumaha ari awak kuring? Apan iyeuh lintuh!’’walon kelenci.
‘’Yéh,lintuh ! Dibandingkeun jeung pingping kuring hiji gé gedé kénéh pingping kuring!’’ ceuk domba semu ngahina pisan.
‘’Atuh nya mereun,ari dibandingkeun jeung bangsa manéh mah, Domba! Da sagedéna gé awak bangsa kuring ukur sakieu!’’ walon kelenci. Haténa ngarasa teu ngeunah dihina teu puguh-puguh ku domba adu.
‘’Dasar goréng milik bangsa manéh mah, dikadarkeun boga awak téh ukur sagedé kitu! Yeuh ténjo kuring, awak jangkung badag, tanduk ranggaék! Bangsa Careuh, Ajag, Oray, moal waranieun ganggu ka kuring mah! Coba ka manéh, boro-boro maung anak ucing gé wanieun nekuk!’’ ceuk domba adu meni ieu aing pisan.
‘’Ah, na ngahina teuing Domba! Na teu sieun katulah manéh téh, da goréng-goréng gé kuring téh tunggal damelan Gusti!’’walon kelenci.
‘’Lain ngahina, da bukti ieu mah! Ceuk domba adu.
‘’Sanajan bukti ogé, teu meunang nganyenyeri kitu, da awak kuring leutik téh lain kahayang sorangan, geus guratna wé!’’ ceuk kelenci,’’ Tong sombong barina gé Domba! Saha nu nyaho hiji waktu mah manéh téh bakal butuh ku pitulung kuring!’’ ceuk kelenci bari nyabar-nyabar manéh.
‘’Yeh, pitulung nanahaon! Mun deuk gé manéh nu butuh ku pitulung kuring. Mun aya ajag atawa careuh nu rék ngerekeb manéh, tangtu moal wanieun mun manéh babarengan jeung kuring mah, da sieuneun diteunggar!’’domba adu kalah beuki sombong ngomongna téh.
Keur kitu…gaur,gaur…! Sora maung ti kajauhan! Kelinci jeung domba adu kacida reuwaseunana. Téréléng wéh kelenci mah lumpat, sup asup kana liangna nu teu jauh ti dinya. Nyumput buni, aman moal karonjangeun ku maung, da liangna téh leutik. Orokaya domba adu! Manéhna bingungeun kudu ka mana nya lumpat, sabab maung geus deukeut teuing! Lamun lumpat pasti kaberik! Rék milu nyumput kana liang kelenci, moal asup da awakna gedé teuing, jaba raridu ku tanduk. Antukna domba adu ukur sarantal-suruntul ka ditu ka dieu, bari geumpeur lain dikieuna.
Kelenci noong tina liangna, ngawaskeun pamolah domba. Mimitina mah hatena mupuas nénjo domba n tadi sakitu ngahinana, ayeuna nyanghareupan marabahaya téh. Tapi dasar kelenci mah bageur, hadé hate, nénjo domba sakitu bingungeunana téh, jadi ngarasa watir. Téréléng manéhna kaluar deui tina liangna serta pok ngomong ka domba adu.
‘’Domba, nyumput tah kana gowok, gigireun liang kuring!’’ cenah. Domba ngalieuk ka lebah gowok téh siga guha ngan leutik. Tapi cukup wé sakalieun awak domba mah.
‘’Ah, katéwak meureun ku maung, da maung gé asup kana gowok sagedé kitu mah!’’ceuk domba adu. Beungeutna mani geus pias bakating ku pohara sieunna.
‘’Moal, ké ku kuring dilimpudan ku taneuh, ngarah teu kacirieunku maung! Sok –sok buru-buru bisi maung torojol manten!’’ ceuk kelenci. Lantaran taya deui jalan séjén, domba ahirna ngagugu ka kelenci. Sup wéh kana gowok téa. Sanggeus domba merenah nyangkeroh dina gowok, gancang kelenci kokoréh kana taneuh ngebul hareupeunana. Sewur…sewur…taneuh kebul téh nutupan gowok. Kelenci naker tanaga, mani pakupis ngoréhan taneuh sabab sieun maung kaburu datang. Sakeudeung gé gowok téh geus limpud ku taneuh. Awak domba teu témbong. Ngan sina mélénge wé sagedé liang kelenci, bisi domba eungapeun. Sanggeus berés, tibuburanjat kelenci asup deui kana liangna sabab maung geus deuket pisan. Geus kadéngé gogorobasanana ogé. Teu salah, ari jol téh maung datang! Gaur, gaur,ngagaur! Sungutna ranggéténg ku huntu jeung sihung, pikagilaeun ! Terus lanjang-lanjing di dinya. Panonna moncorong, irungna unggas-ingus, sabab ngambeu aya hakaneun di lebah dinya. Apaleun maung mah, da tukang ngahakanan batur. Mangkaning keur lapar pisan, ti isuk can baranghakan! Ku maung katenjoeun aya liang kelenci, tapi teu bisa nanaon da teu sanggupeun asup kana liang sakitu leutikna mah. Gowok nu dipaké nyumput ku domba adu, kacirieun deuih. Tapi cuek wé, da disangkana éta gé sarua liang kelenci.
Kelenci jeung domba caricing, jarempé ngadedempés di tempatna masing-masing. Domba mah degdegan, da teu biasa nyumput dini kitu. Tapi kelenci mah santéy wé, da di imahna. Cupak - capék, naon. Maung kalantang-kulinting kénéh, néangan susuganan aya domba, atawa peucang atawa uncal, atawa sapi, atawa naon menu bisa dihakan. Tapi geus sidik euweuh mah, léos wéh ngaléos bari garam-gerem jeung guar-gaur. Gendok meureun pédah teu beubeunangan nanaon. Sanggeus sidik maung geus jauh, kurunyung kelenci kaluar tina liangna. Tirilik ka hareupeun gowok panyumputan domba adu.
‘’Kaluar, dombs! Geus aman!’’cenah.
Kurumuy domba adu kaluar tina panyumputanana, mani kuyumut. Terus gigibrig jeung gogodeg, nurunkeun kekebul nu narapel dina sakujur buluna.
‘’Duh, nuhunteuing, Kelenci! Kuring kacida tumarimana kana kahadéan manéh. Kumaha petana kuring mulang tarima ?’’ ceuk domba adu bari kulumas-kélémés semu éra.
‘’Lah, teu kudu mulan tarima sagala, da kawajiban, papada mahluk mah kudu tulung-tinulungan…,’’ walo kelenci meni soléh naker,’’Ngan…paménta kuring mah, manéh tong sok resep ngahina ka batur téh. Ulah kena-kena awak badag sarta gagah, kanu leutik téh meni embung ngahargaan pisan !’’ ceuk kelenci leuleuy.
‘’Heueuh, hampura wé, rumasa kuring téh salah, gedé dosa. Pék cirikeun, ti ayeuna ka hareup mah kuring rék ngoméan adat, moal daék huna-hina,malah deuk nyaah kanu leutik téh,’’ ceuk domba adu terus jeung haté. Teu jalir tina jangjina domba adu téh. Enya ti harita mah, adat sombongna téh leungit. Kanu leutik nyaah. Sosobatanana jeung kelenci beuki rakét baé.