01/10/2020
kudu bisa naèkan jeung nerapkeun *5 ÈLMU* ki Sunda ieu:
1. *Èlmu Saepi.*
2. *Èlmu Napak sancang.*
3. *Èlmu kebal.*
4. *Èlmu Rawa Rontèk.*
5. *Èlmu Halimun.*
1. *Èlmu saèpi,*
lain kudu bisa ngapung,
tapi kudu *"saèpi"* (Saè pikiran), cerdas, inovatip tur krèatip.
2. *Èlmu Napak Sancang,*
lain kudu bisa napak/lumpat di luhur cai, tapi kudu bisa napak dina sagala kaayaan, boga sipat jeung watak nu katarima ku sakabèh madzhab/golongan, teu merekedeweng ( ètika gaul/akhlakul karimah).
3. *Èlmu kebal dikadèk,*
lain kudu teu teurak dikadèk ku bedog atawa di tèmbak ku bedil, tapi kudu kuat pamadegan, kudu boga pendirian sorangan... teu teurak ku pangaruh jeung pangharèwos sètan (istiqomah).
4. *Èlmu Rawa Rontèk,*
lain kudu bisa nyambungkeun deui raga nu geus parotong, tapi kudu bisa ngahijikeun dulur-dulur anu keur pacengkadan, pakètrok parasèa, kudu bisa nengtremkeun jalma nu kajurung napsu atawa ngarangkul anu bèda-bèda pamadegan.
5. *Èlmu Halimunan,*
lain kudu bisa ngaleungit, tapi kudu bisa nyumput dinu caang, bijil dinu poèk, hartina ulah ujub, ria jeung takabur. Asa aing pang pinterna, siga nu heueuh, peupeuleukeuk asa aing nu pangwanina.
Mugia dulur sadaya.... urang tiasa ngalaksanakeunnana dina kahirupan sapopoè
Akur... guyub... jeung dulur jeung batur
daria... jeung baraya
silih gumati...jeung wargi,_ _sariksa.. jeung tatangga
Ulah sok pundungan jeung teu kaopan. Tetep renggenek hirup sauyunan jeung babaturan
Ulah sok asa bener sorangan
Taaaah.... kakara napel anu disebut _Rahmatan Lil ‘Alamiiin
Nu dituju iwal ti RIDHO nu MAHA KAWASA, ALLOH SUBHANAHU WA TA’ALA
Peupeujeuh ka hidep, anaking kahadè ... akidah kudu ajeg panceg istiqomah. Ibadah kudu angger, pangger jeung bener kalayan mudawwamah luyu jeung sunnah Rasulullah.
Hirup kumbuh kudu akur jeung batur, ulah pakia- kia, pagirang-girang tampian
Silih asih, silih asah jeung silih asuh
CAGEUR- BAGEUR, GENAH- TUR MERENAH