Abah Santang

Abah Santang Contact information, map and directions, contact form, opening hours, services, ratings, photos, videos and announcements from Abah Santang, Arts and entertainment, Bandung.

Maribaya 1988
03/09/2024

Maribaya 1988

Guha Pakar 1988
03/09/2024

Guha Pakar 1988

Kandaga Kecap 241.Tiris Tiis
29/08/2024

Kandaga Kecap 241.

Tiris
Tiis

Tak perlu kau berlari mengejar mimpi yang tak pasti hari ini juga mimpi maka biarkan ia datang di hatimu
04/08/2024

Tak perlu kau berlari
mengejar mimpi yang tak pasti
hari ini juga mimpi
maka biarkan ia datang
di hatimu

nuju usum ondangan nu nikahkeun ...
06/05/2024

nuju usum ondangan nu nikahkeun ...

Mekar Sari 22051994
04/05/2024

Mekar Sari 22051994

Kandaga Kecap 194.Panon lemesna soca, pancadria pikeun nénjo.Katon = katénjo.Nonton = lalajo.Tongtonan, pintonan = lalaj...
02/05/2024

Kandaga Kecap 194.

Panon lemesna soca, pancadria pikeun nénjo.
Katon = katénjo.
Nonton = lalajo.
Tongtonan, pintonan = lalajoaneun.
Mintonan lemesna tina ngilikan.
Salaton = salah, teu puguh téténjoan lantaran kapanasan teuing ku panonpoé, atawa diteunggeul sirah.
Yang Manon = Nu Maha Ningali.
Panonpoé = srangéngé.
Beureum panon = ngaran lauk cai sabangsa beunteurtapi gedé sagedé nilem, matana jeung cécépétna semu beureum.
Cucuk panon = teu adil dina barangbéré atawa dina ngabagikeun barang.

Awas =
1. atra, tétéla, écés katénjona.
2. daya tingal, nu kurang awas atawa kacida awasna.
Beunta = panon muka.
Boncérét = beunta, basa heureuy atawa basa budak.
Boncorot = beunta panonna gedé.
Ilik, ngilikan = nénjoan kalawan telik pikeun nganyahokeun kaayaan barang anyar atawa nu dipikahayang.
Deléh = kasarna deuleu, ténjo.
Delék, ngadelék = ngagilerkeun panon lantaran ngéwa atawa resep, atawa teu resep.
Dilak, ngadilak = ngagilerkeun panon nandakeun ambek, atawa api-api ambek..
Deuleu =
1. ténjo....
2. kecap panganteur pikeun nandakeun héran, "deuleu ituh...!!"

Kiceup, ngiceup = ngagerakkeun biwir panon luhur sakeudeung sina antel kana biwir panon nu handap.
Ngiceupan = méré isarah ku kiceup.
Lolong = teu bisa ningali saba tikudrat atawa sabab kasakit, atawa kacilakaan.
Lolong bonconong = nu lolong bari panonna bolotot.
Pétét, panon pétét = panon leutik saperti nu satengah peureum.
Pélétét, mélétét = beunta saeutik,
Palatat-pélétét = rarat-rérét bari méré semu lalaki ka awéwé atawa sabalikana.

Peureudeuy, meureudeuy, peupeureudeuyan atawa paraday-peureudeuy = kikiceupan, kucap-kiceup rada kerep lantaran silo, sérab atawa bisa jadi kapareungpeunan, jsb.
Meléng = lalawora, teu waspada, teu awas.
Mireungeuh, kabireungeuh = ningali, katingali, katempo, katénjo.
Merem = rada lolong.
Molotot = ngabeuntakeun panaon satakerna, nandakeun ambek, sieun, jsb.
Popolotot = ngomong tarik sab ambek bari molotot ka batur.
Muncereng = Molototkeun panon bari ambek.
Mureleng =
1. mencrong nuturkeun gerak nu dipencrong.
2. panon nénjo ka luhur méh keuna kana halis nu rék maot
Nénjo =
1. ngagunakeun panon ditujukeun kana sarupaning barang, jalma.
2. bisa ngagunakeun panon sakumaha mistina, sabalikna tina lolong.
Nénjoan = ngilikan.
Nénjokeun = ngawaskeun.
Téténjoan = baran-barang nu katénjo.
Nelek-nelek = ngawas-ngawas, ngilikan kalawan telik, enya-enya.
Nempo = nujukeun panénjo di tempat nu diwatesanan (ti lawang panto, tina jandéla), jst. ti jero ka luar atawa sabalikna pikeun nénjo sarupaning barang.jsb.
Neuleu = nujukeun panénjo dibareng rasa ceuceub, keuheul.
Neuteup = nyidik-nyidik ku panénjo dibarengan ku rasa deudeuh, asih atawa nyaah.
Noong = ngahaja nénjo perkara nu saenyana teu meunang diténjo tina liang leutik.
Ngadelék = ngagilerkeun panon lantaran ngéwa atawa resep.
Ngadilak = ngagilerkeun panon lantaran ambek atawa api-api ambek. biasana awéwé.
Ngarérét = nénjo ka gigir saeutik, nénjo ku juru panon.
Paor = teu pati awas lantaran geus kolot.
Peureum = nutupkeun biwir panon (nu saré) sabalikna tina beunta.
Peupeureuman = meureumkeun panon nu rék saré.
Peureum hayam = peureum meueusan, bisa kénéh nénjo, api-api peureum.
Peleng, meleng = nénjo kalawan telek ku panon batin.
Pelong, melong = nénjo lila ka batur hayang teges lantaran resep atawa asa-asa wawuh.
Pencrong, mencrong = merong nénjo lila bangun aya maksud kurang hadé.
Dipencrong = ditalingakeunku jalma réa atawa ku alat nagara.
Perong, merong = mencrong, nénjo lila bangun aya niat kurang hadé.
Talinga, nalingakeun = ngawaskeun atawa nganyahokeun.pagawéan batur.
Telek = lelek.
Ditelek-telek = diawas-awas, diilikan kalawan telik atawa enya-enya.

Duriat 84
01/05/2024

Duriat 84

Kandaga Kecap 186.Lana, Lini & Linu
28/04/2024

Kandaga Kecap 186.

Lana, Lini & Linu

Kandaga Kecap 236Kupat = kadaharan tina béas, atawa ceré, sabangsa leupeut, ngan dikulubna maké urung tina daun kalapa n...
21/04/2024

Kandaga Kecap 236

Kupat = kadaharan tina béas, atawa ceré, sabangsa leupeut, ngan dikulubna maké urung tina daun kalapa nu dianyamkeun geus jadi adat kabiasaan atawa tradisi jadi kadaharan nu kudu aya dina mangsa Lebaran Puasa atawa Lebaran Haji.

upat, ngupat = nyaritakeun kagoréngan batur tukangeunnana
upat-simuat - upat-sumuat = resep ngupat.
sirik-pidik, hiri-dengki, jail-kaniaya, ngupat-simuat = panyakit batin nu kudu diubaran.
upas =
1. racun,
2. tukang jaga, tukang ajag-ajig di kantor saperti upas di kabupatén, upas pos jsté.
kawah upas = kawah nu ngaluarkeun racun.

upaya = ihtiar, usaha,
ngupaya = ihtiar néangan rejeki.
teu daya teu upaya = teu boga kauatan naon-naon, kumambang kana kersa Pangéran.

upet = sintung kalapa garing jsté, nu mun geus diseungeutteu daékeun pareum sorangan cara obat nyamut bakar.
upeti = sarupa pajak.
upih = puhu palabah jambé nu jadi kalokop tangkalna, bagian jerona nu bodas sok dipaké bungkus wajit.
buka upih = ngaran sarupa manuk ranca.
ulah neungseurikeun upih ragrag = ulah ngageuhkeuykeun kolot, nu ku urang sorangan bakal kasorang.
upil = tai ceuli atawa korong.
upak-aplék = ngaplék pisan.
uplek =
1. kaolahan nu maké cipati, kentel sarta bangun ngeunah
2. nu ngobrol duaan, tiluan anteng bangun kacida resepna.
ura, diura = digunduk-gunduk wungkul, henteu dibeungkeut , henteu disina léngkét jsté.

Labur, ngalabur = ngapur, mulas ku apu.
Lantung, ngalantung = leuleumpangan senang-senang di buruan biasana pasosoré.
Luntang-lantung = teu puguh atawa teu boga gawé.
Palantungan = palancongan jalma nu teu puguh gawé.
Lantur, ngalantur = udar-ider teu puguh gawé, nyimpang tina urusan poko (harti injeuman).
Lapur = teu kapimilik deui lantaran teu katebus atawa katipu, teu beubeunangan pisan.
Laput = asup ka jero cai sakujurna.
Léah = cépér, boga watek nurut, daék ngéléhan manéh.
Lébér = pinuh pisan, pinuh teuing, saeutik deui kana mudal.
Lébér wawanén = wanian, gedé kawani.
Lébar = rubak, lega
Lebar = handeueul lantaran teu kaarah gunana.
Lebu - sésa barang nu dibeuleum nepi ka lemes kawas kekebul.
Lebur = ruksak atawa ancur.
Ngalebur = ngancurkeun ku dipanasan, ngaleungitkeun, ngalubarkeun
Ngalebur tapak = ngaleungitkeun dosa ku cara ménta dihampura sarta nunda lampah nu teu hadé.
Lubar = bubar, leungit, béak, ngalubarkeun dosa.
Babar = lemesna tina ngajuru, loba, rekah, maot sapisan.
Babaran = pedaran.
Babari = teu kudu ngagunakeun pikiran atawa tanaga réa, gampang teu hésé.
Babarian = teu payaan, teu kaopan.
Bubar = arindit ninggalkeun tempat ngumpul. réngsé, anggeus.
Bubuara = matuh di lembur batur lantaran manggih kasenangan jeung pangabetah sarta teu niat balik deui ka lembur asal See less

18/04/2024

Address

Bandung
40285

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Abah Santang posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share